Resensi Si Kabayan jadi Dukun
August 10, 2016
RESENSI
"Si Kabayan jadi Dukun"
Moh. Ambri
Kecap Panganteur
Puji syukur urang panjatkeun kehadirat Pangeran anu Maha Esa Luhur karunia sarta patunjukna, ku kituna urang tiasa ngabereskeun pancen panyusunnan resensi.
Resensi ieu mangrupa ulasan atawa pembicaraan ngeunaan hiji karya boh eta buku film, boh karya sejen. Ku kituna urang tiasa nyaho kapinunjulan sarta kalemahan buku anu urang resensi.
Urang nyadar yen resensi anu urang jieun tacan sempurna. Ku alatan eta urang ngarep-ngarep krtik sarta bongbolangan demi perbaikan buku ieu.
Badag harepan urang, muga pancen panyusunan resensi anu urang jieun tiasa kapake pikeun kabehan.
Bandung, 07 Juni 2014
(Jumplukan)
1. Bagian fisik Buku
1.1 Identitas Buku
1.1.1 Jejer Buku : Si Kabayan Jadi Dukun
1.1.2 Penulis Buku : Moh. Ambri
1.1.3 Penerbit Buku : Kiblat Buku Utama
1.1.4 Tahun medal : 2008
1.1.5 Jumlah Kaca : 71 Kaca
1.1.6 panganteur : Ajip Rosidi
1.1.7 Desain sarta ilustrasi sampul : Nana Banna
1.1.8 Nomor ISBN : 095/KBU-G /2002
1.1.9 didistribusikeun ku : Kiblat Buku Utama
2. Bagian Eusi Buku
2.1 Tujuan Penulisan Buku
Tujuan Penulisan Buku Si Kabayan jadi Dukun yaktos supados pamaca tiasa maos kenging karya daerahna.
2.2 Tujuan Penulisan Resensi
Tujuan Penulisan Resensi si Kabayan jadi Dukun yaktos ngajentrekeun balik hiji karya sae eta buku pilem,atawa karya batur.
2.3 Sasaran
Sasaran ti Penulisan Buku Si Kabayan jadi Dukun nyaeta ka balarea.
2.4 Eusi
Umum
2.4.1 Cekcok
2.4.2 Ngunek – Ngunek
2.4.3 Kabales
2.4.4 Dukun Datang
2.4.5 Untung
2.4.6 Balukarna
3. Penilaian Kualitas Buku
3.1 Kaleuwihan Buku
Jalan caritana runtuy, loba
atikan nu bisa dicindeuk tina buku ieu. Salian ti éta, buku ieu ogé ngahibur nu
macana ku kalakuan para palaku dina buku ‘Si Kabayan Jadi Dukun’.
3.2
Kelemahan Buku
Kurang rinci ngajelaskeun ngeunaan panokohanna, contona nu maca bisa kakécoh saha/nu mana Nyi Hasanah téh. Basa nu dipaké ogé teu gampang dicerna ku nu awam basa sunda.
Kurang rinci ngajelaskeun ngeunaan panokohanna, contona nu maca bisa kakécoh saha/nu mana Nyi Hasanah téh. Basa nu dipaké ogé teu gampang dicerna ku nu awam basa sunda.
4. Sinopsis
Dina buku ieu nyaritakeun si kabayan anu jadi dukun. Jadi dukun
sotenan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna
mah. Saikem hayang males kanyeri ka salakina pedah pernah nampiling manehna.
Basa kadatangan semah ti dayeuh nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen
Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana jeung pang sakti-saktina moal aya
tandinganna. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku
jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula.
Saenggeus di tampilingan ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon
kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak
sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari
saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji
Latip, da puguh geus bogoh ka Agus. Agus nyamar jadi pangiring Embah
Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu lila Nyi Hasanah langsung bisa
ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus.
Kabayan akhirna kayahoan lain dukun asli. Isukna burudul pulisi,
kapala-kapala desa jeung menak ti dayeuh rek nangkep si Kabayan. Akhirna Si
Kabayan dibawa ka dayeuh terus diabuskeun ka bui. Pamajikanana datang ka dayeuh
nembo Si Kabayan bari ceurik rumasa salah. Kabayan dibebaskeun ti bui, Kabayan
jeung Agus indit ka imah Sudagar. Menta si Agus diijinan kawin jeung Nyi
Hasanah. Ki Haji bapana Nyi Hasanah teu satuju. Tapi, Nyi Hasanah menta restu
ti bapana dikawinkeun jeung Agus. Kusabab Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus
saurang. Akhirna Ki Haji mere restu ka budakna. Agus jeung Nyi Hasanah akhirna
kawin jeung hirup bagja.
5. Pangarang Panulis
6.1 Kasang
pengker Nu nulis
MOH.AMBRI (Sumedang, 1892 – Jakarta,
1936) sastrawan realis Sunda pinunjul. Satamatna ti sakola Guru (Kweekschool),
diangkat jadi calon guru HIS di Semarang, dialihkeun ka Tasikmalaya, Sumedang,
Puwakarta, Bandung tuluy jadi Guru Sakola Guru Normal (MormaalSchool) di
Purwakarta. Tahun 1931 liren ngawulang diangkat jadi redaktur Bale Pustaka nepi
ka pupusna (1936). Dina kurang leuwih lima taun didamel Balai Pustaka, anjeunna
medalkeun genep judul karangan asli, genep welas judul tarjamahan katut saduran.
5.2 Karya
1. Ngawadalkeun Nyawa
2. Burak Siluman
3. Munjung
4. Lain eta
5. Numbuk di Sue
6. Pusaka Ratu Teluh
7. Pependeman Nabi Sulaeman
8. Si Kabayan jadi Dukun
6. Kacindekan
Kacindekanana naha urang
milih meresensi buku ieu sabab buku ieu eusina metot sarta lucu. Jalan caritana
runtuy, loba atikan nu bisa dicindeuk tina buku ieu. Salian ti éta, buku ieu
ogé ngahibur nu macana ku kalakuan para palak
0 komentar