Naskah Drama " Kabayan goes to School"
August 10, 2016Artikel ayeuna ngeunaan drama basa sunda anu judulna Kabayan goes to school. Kabayan teh mangrupa tokoh Sunda anu kasohor pisan di carita Sunda. Naskah drama ieu disisipkeun paribasa basa sunda, Paribasana ditandaan ku nu di hidengan tebel atawa di edit Bold sareng itallic. Wilujeung maca sadayana..... Hard Work gaesss
“Kabayan goes to
School”
(Dina mimpi)
Kabayan :
”Hahaha urang jadi milyarder Nyi iteung kadieu…”
Iteung :
“ Haaa Kang Kabayan… Kang kabayan jadi beunghar.”
Dateng Polisi ngadatangan Kabayan.
Kabayan :
“ Ah heunteu Ambu, tulung… tulung…”
Kabayang dihudangkeun ku ambuna.
Ambu :
“ Kunaon Kabayan?”
Kabayan :
“ Ahh Ambu mah Kabayang keur mimpi jadi milyarder bet digugahkeun.”
Ambu :
“ Ah maneh mah aya aya waé.”
Kabayan :
“ Iraha atuh Ambu bisa jadi milyarder.”
Ambu :
“ Lamun hayang jadi beunghar mah kudu bener diajar, tuluy jadi urang sukses.
Ulah
ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan, sok sok gera mandi angkat ka
sakola ”
Kabayan :
“ badé Ambu… “
Di sakola
Entin :
“ Ehh… ehhh… guys kita tuh cewek cewek beken.”
Iis :
“ Betul kan Jombi.”
Lilis :
“ Jomblo Jomblo bingung tapi imut.”
Si Kabayan Lewat.
Kabayan :
“ Ahhh maranéh mah dahar ngan make singkong gé ngomong gaul gaul kitu.”
Entin :
“ Ehh elu beke wani ka urang tiluan anak Jombi.”
Kabayan :
“ Pantesan Jombi sieun ahh Kabuuurrr…”
Bel sakola disada.
Euis :
“ Ayeuna buka kaca 175, kerjakeun nya Ibu bade mariksa heula.”
Bel balik disada.
Iteung :
“ Rendy éta PR kaca sabaraha?”
Rendy :
“ Kaca 175.”
Iteung :
“ Naha Anjeun tiasa ngomong Basa Sunda?”
Rendy :
“ Ari Iteung, abdi lahir di Cimahi jadi tiasa Basa Sunda.”
Jol jol daténg Geng Jombi ngadekeutan Rendy.
Iis :
“ Rendy ganteng, Apa Kabar?”
Entin :
“ Ehh awaass awasss Regan (Rendy Gantenggg) pulang bareng yukkk.”
Rendy :
“ Ahh heunteu, pan kita béda jalurr.”
Geng Jombi oge Indit.
Rendy :
“ Naha teu balik jeung si geng Jombi?”
Iteung :
“ Ahh heunteu si éta mah Hadé Lalambé lamun aya hayangna.”
Rendy :
“ ohh.. Hayu atuh urang balik.”
Di Imah Kabayan.
Kabayan :
“ Assalamualaikum Ambu.”
Ambu :
“ Waalaikum salam Kabayan.”
Kabayan :
“ Naha meuni rame-rame pisan di luar teh?”
Ambu :
“ Maenya teu nyaho berita ieu tos Jadi Sabiwir hiji.”
Kabayan :
“ ohhh saha kitu? “
Ambu :
“ Éta si Ceu Popon uih ti Arab jadi ujug ujug beunghar.”
Kabayan :
“ ohh Ambuna si Entin?”
Ambu :
“ tos ahh tong ngarumpi sok sok geura meuli beas ka warung.”
Kabayan :
“ Angsulana keur Kabayan nya? Daaahhh “
Ambu :
“ euhh ulah ulah, Dasar budak téh Pupulur méméh mantun.”
Di tengah jalan papanggih jeung Iteung.
Kabayan : “ ehh Iteung geulis.”
Iteung :
“ Ahh Kang Kabayan mah tos teu Midua pikir ka Neng.”
Kabayan :
“ Naha Kitu Neng?”
Iteung :
“ Akang mah Ulah cara Ka Kembang Melati Kang kudu Cara Ka picung.”
Kabayan :
“ Naon Nyi Iteung Akang masih keneh nyaah.”
Iteung ujug ujug Lumpat.
Kabayan :
“ Kunaon sih Nété semplék Nincak semplak.”
Geng Jombi ngabully Iteung. Tiluan éta dicarékan ku Bu Guru.
Bel sakola disada.
Bu Euis :
“ Nya Barudak tos dikerjakeun PR téh?”
Barudak :
“ Atossss.”
Bu Euis :
“ Ibu bade nyarita Di jaman kiwari téh loba masalah ngeunaan bully. Ibu the hayang
Utah iga. Tuluy Urang téh Ulah jadi Sétan BungkeulenkanUrang
kudu nyaah ka babaturan.
Bel téh ujug ujug disada pas Ibu nyarita.
Bu Euis :
“ Sakitu waé anu bade caritakeun. Ayeuna aya PR kaca 177.”
Di Luar Sakola
Rendy :
“ Iteung tadi kumaha di bully?”
Iteung :
“ teu nanaon.”
Lilis :
“ Iteung teu nanaon? Hampura nya abdi tos ngabully anjeun.”
Iteung :
“ teu nanaon.”
Lilis :
“ Sabenerna abdi téh teu hayang tapi kumaha deui.”
Rendy :
“ Ahh manéh mah Ciduh jeung reuhak.”
Lilis :
“ Heunteu Ren… bener…”
Iis ngadangu obrolan Lilis.
Iis :
“ Lis kadieu!”
Lilis :
“ Naon?”
Iis :
“ Ulah menta hampura da ieu mah lain kasalahan urang berdua da ieu mah pasti Di
Sakompétdaunkeun sabab urang
sageng jeung Entin.”
Lilis :
“ Ahh atuh kumaha deui.”
Ti kajauhan Kabayan ningali Rendy jeung Nyi Iteung.
Kabayan :
“ Ahh naha si Rendy Nu nulungan si Iteung. Kuduna Nyi Iteung téh Cukang
tara néangan nu ngisingAh da kumaha deui.”
Kabayan :
“ Euhh teu indung teu Anak Kokoro nyenang, Aduh hirup di dunya
téh.”
Rendy :
“ Ahh tos Iteung tong sedih deui nya?”
Iteung :
“ Enya.”
Kabayan pas pasan jeung Nyi Iteung.
Kabayan :
“ oh kitu jadi Nyi Iteung téh.”
Iteung :
“ Teu Kang Kabayan.”
Kabayan :
“ Da Abdi mah jauh Ka tanah Ka Langit jeung si Rendy mah.”
Iteung :
“ Teu Kitu Kang Abdi téh masih nyaah ka Akang.”
Kabayan :
“ Benerr?? Hayu Atuh Balik Bareng?”
Iteung :
“ Hayu Atuh, Ren teu jadi balik bareng.”
Rendy :
“ Nya ayuhh dahhh.”
Iteung :
“ Hayu Kang.”
Pas dateng Ka imah Loba Polisi ngadatangan Imah Entin.
Kabayan :
“ Assalamualaikum Ambu.”
Ambu :
“ Waalaikumsalam kabayan.”
Kabayan :
“ Aya naon ambu ramé-ramé di Imah si ceu popon?”
Ambu :
“ teu nyaho ah ambu mah urang hirup di dunya kudu ka hareup ngala sajeujeuh, ka
tukang ngala sajengkal.”
Kabayan :
“ Enya Ambu da Kaduhung tara tiheula .”
Ambu :
“ tah éta geuning apal.”
Isukan disakola. Sanggeus kajadian éta Entin menta hampura
ka babaturan di sakola.
Entin :
“ Babaturan, Abdi ménta hampura sabab osok ngabully. Hampura ogé ka Lilis jeung
Iis sabab atos jadi babaturan anu teu bener.”
Iis :
“ Abdi ogé ménta hampura urang tos Meunang Kopi Pait.”
Lilis :”
Terutama ka Neng Iteung Hampura Urang tiluan.”
Iteung :
“ Abdi tos ngahampura maraneh.”
Bu Euis :
“ Tah kitu Atuh, Ayeuna Entin badé pindah ka Cianjur jadi urang bakal leungit
hiji babaturan.”
Kabayan :
“ Tah Kitu Atuh ulah aya Bubullyan.”
Akhirna Kabayan jeung Iteung masih
Keneh TTMan, Rendy jeung Lilis akhirna bobogohan, Iis ayeuna jadi budak anu
pinter, Entin ayeuna jadi budak bageur jeung pinter di Cianjur. Ngan Mimpi
Kabayan masih keneh berlanjut. Ternyata kabehan ieu téh ngan mimpi anu tadi
dilanjut pas mimpi jadi Milyarder.
Ambu : “ Kabayannnn… hudangggg!!!.”
“Tamat”
-Tong hilap numbu ka blog ieu, nuhun sadayana-
0 komentar