Naskah Drama "KABAYAN JADI RAJIN"
August 07, 2016Kali ini saya akan membagikan naskah drama yang menceritakan seorang tokoh yang sangat familiar di kebudayaan Sunda yaitu Kabayan. Drama ini menceritakan kebalikan Kabayan yang terkenal dengan kemalasannya namun di cerita ini Kabayan menjadi seseorang yang sangat rajin. Selamat Membaca!
"Kabayan jadi rajin"
Dina hiji poe, aya hiji pamuda unggal poe gawena ngan ukur sare, dimana babaturanana geus garawe di Jakarta manehna masih keneh pangangguran. Dina hiji waktu manehna kasarean.
Ema : " Kabayan. . . Kabayan. . . hudang. . . geus beurang gancang neangan suluh!"
Kabyan :" (Hudang bari rewas) Aya Naon Ma? Tunduh keneh yeuh. . . "
Abah : " He'euh, gancang neangan pagawean aneh teu sare wae!
Ema : " Gancang. . . ! Kabayan. . . !"
Kabayan : " Enya Ma! (bari ngaleos). "
Sanggeusna hudang ti tempat tidur, manehna make baju bodas anu diselempangkeun ku sarung, sarta make peci anu dimiringkeun cigak tukang peuyeum. Kabayan indit ka leuweung pikeun neangan suluh. Di tengah-tengah perjalanan manehna papanggih jeung Nini.
Kabayan : " Aya nu tiasa kuring bantos?"
Nini misterius :" Mangga Jang. . . "
Kabayan ngabantos dugi ka bumina.
Nini misterius : " Kadieu jang! Sing deukeut! "
Kabayan : " Aya naon Ni?"(Bari sieun)
Nini misterius : " Baris parin anjeun sabungkus alatan sabab anjeung geus mantuan kuring. Nginum bungkus ieu sanggeus anjeun balik. "
Kabayan : " Mu. . . Muhun Hatur Nuhun Ni. . . "
Ujug-ujug Nini misterius eta ngaleungit. . . Kabayan balik mawa suluh jeung lumpat gancang.
Kabayan : " Ma. . . Ma. . . ieu suluhna. "
Iis : " Kunaon Kang? Meni pucet, mawa naon eta? " (panasaran)
Kabayan : " Teu mawa nanaon
Kabayan langsung ka kamarna tuluy nginum bungkusan anu di bere ku Nini.
Kabayan : " Bismillahirrahmanirrahim. . . . "
(Baca juga: Kumpulan Puisi: Syair untuk guruku)
Geus kabayan kasarean nepi katibra jeung nepikeun kaisukannana.
Iteung : " Kang Kabayan. . . Abdi bade dinikahkeun sareng Kang Deni. "
Kabayan : " Teu Neng Iteung. . . Tonggg. . . "
Ujug ujug manehna labuh ti tempat tidurna, ternyata eta teh ngan mimpi.
Iteung : " Kabayan. . ?"
Ema : " Kabayanna nuju kulem "
Iis : " Aya naon teh iteung? "
Iteung : " Cenah ceuk kang kabayan bade papanggih jeung teteh
Iis " oh engke di bejakeun ka Kang; Kabayan teh. "
Kaisukan poena
Ema : " Kabayan. . kabayan gancang ka sawah jeung neangan suluh!"
Abah : " Kabayan hudang!"
Iis : " Abah Ema Kang kabayan teu aya di kamarna. . . "
Ema : "Kamana atuh? "
Dateng si Kabayan
Kabayan : "Ema ema ieu suluhna sawah tos di pacul hayam geus diparaban. . . "
Ema; " Tumben kabayan geus hudang jeung nyelesaikeun kabeh tugas. "
Kabayan : " heheheh. . . "
Abah : "Eta karek anak abah"
Iis : " Kamari di teangan ku teh iteung"
Kabayan : " oh muhun is, abi bade ka imah iteung heula nya?"
kabayan datang ka imahna iteung.
Kabayan : " Iteung. . . . ?"
-Tamat-
***
0 komentar